Lirik Lagu PAPATONG



Beurang maju ka lohor 
Papatong nu koneng eunteup na regang 
Ngageter jangjangna keur ngagupayan 
Pancen keur wasiatan 

Sore mengkol ka Ashar 
Papatong nu koneng hiber teu luhur 
ngalayang ngawahan arek pamitan 
omat tong ka jongjonan 

Reff: 
Papatong nu koneng teu tembong deui 
Leungit indit teu pamit 
Papatong nu koneng teu tembong deui 
Tilem bewara baturna 

Prak reureuh tina ka riweuh 
Prak pasrah kanu Kawasa 
Prak reureuh tina ka riweuh 
Prak pasrah kanu Kawasa 

PAPATONG - BAH DADENG

Comments