- Get link
- X
- Other Apps
- Get link
- X
- Other Apps
Lirik Lagu Urang Sunda - Doel Sumbang
Urang Sunda kamarana
Urang Sunda dimarana
Urang Sunda urang mana
Urang Sunda anjeun saha
Naha ngan saukur nu ngeusian kulon jawa
Naha ngan saukur lalajo bari ku menta
Gancang geura hudang buka ceuli buka mata
Geura tembongkeun urang Sunda oge bisa bisa
Tembongkeun urang ge bisa mela Nagara
Tembongkeun urang ge bisa jadi pamimpin
Urang ge bisa nangtung ajeg jeung kawasa
Lain saukur bisa unggeuk jeung kumawula aduh
Sikabayan urang Sunda
Urang Sunda lain sikabayan
Sikabayan urang Sunda
Urang Sunda ulah jadi sikabayan
Anu karesepna ngan ukur ngagerek ceuli
Anu karesepna ngan ukur heuai nundutan
Anu karesepna ngan ukur diuk ngalamun
Atawa calangap ngitungan bentang dilangit deudeuh
Mun urang kabeh reueus jadi urang Sunda
Pikiran deui naon nu dipikareueus
Lamun urang Sunda kabeh jiga sikabayan
Kuring melang hiji waktu urang kababayan
Urang bisa kababayan
Ukur bisa kababayan
Salawasna kababayan teu hararayang
Sok buktikeun lamun enya urang Sunda teh aya keneh,tempokeun yen urang teh aya keneh ulah siga ayeuna disebut aya da teu kaciri ari disebut euweuh da loba keneh nu ngaku aya,kamarana atuh urang Sunda teh eui? Hudang..kade ah.
Ulah jadi sikabayan
Comments
Post a Comment